Kawih
Naon ari kawih ? kecap kawih asalna tina kecap kauy (baca , kawi) anu hartina sa'ir (kauy - bujangga) kawih nyaeta rakitan basa anu ditulis kupara bujangga atawa saniman sastra nuboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu , kawih kabeungkeut ku wiretan jeung tempo atawa ketukan. Nu mantak kawih sok disebut oge lagu - lagu nu kaasup sekar tandak , boh kawih tradisional boh wanda anyar.
Kawih mah beda jeung pupuh , kawih teu kauger ku rupa -rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh. Rumpakan kawih teh pinuh ku ajen atikan , ari rumpakan kawih teu beda jeung rumpakan wangun puisi sejena , ngan kawih mah dilengkepan kuaturan titilaras. Unsur - unsur nu aya dina kawih teu beda jeung unsur - unsur nu aya dina puisi atawa sajak , nyaeta ngawengku tema , nada , rasa jeung amanat.
Kawih salah sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun nu diwariskeun , sacara turun temurun kawih kaasup kasenian anu kahot sarta dikategorikeun minagka cikal bakal seni sora nu aya dimasarakat sunda.
Nilik kana sajarahna , kawih dibagi jadi tilu kurun waktu nyaeta : (1) Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman baheula atawa kecap sejen tina bihari. Periode kawih buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun di antarana lagu “Banjar Sinom”, jeung sajabana.
(2) Kawih Jaman Jepang dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia dina taun 50an. Sababaraha kawih anu aya dina Jaman Jepang di antarana lagu “És Lilin” , jeung sajabana.
(3) Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari nya eta kawih jaman ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana “Anggrek Japati" , jeung sajabana , kaasup kawih-kawih anu dikolaborasikeun.
Contoh kawih :
1. Mawar Bodas
Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun
2. Bubuy Bulan
Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung
unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana
3. Lemah Cai
Lemah cai kuring
Nagri endah asri
Sugguh cacah jiwa
Bahan lubak libuk
Simkuring tresna miwah nyaah
Lemah cai Indonesia
Kuring suka kluring
betah Indonesia gemah ripah
4. Panon Hideung
Panon hideng
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha dimana bumina
Abdi resep ka anjeuna
Siang weungi kaimpi- impi
Hate abdi sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geuils
Panon hideng
5.Sapu Nyere Pegat Simpai
Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mapohokeun katineung urang
Sapu nyerepegat simpai
bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi
pasti kalakon
Urang rek papisah
urang rek pajauh
meumpeung deu keut
hayu rang sosonoan
Kituna ngeunaan kawih, upami aya kasalahan dina tulisan mangga jadi garapan, mungkin salaku urang sunda ulah poho nu budaya sunda contona kawih.
*Salam Pendidikan*
*Tembangkeun kawih nepi jaman modern tong dipohokeun budaya sunda teh*
0 Response to "Kawih"
Posting Komentar